Shopee

KIYAMAH

Haturan ka wargi pangling-ngeling  kana datangna poe balitungan.

Gambar hanya ilustrasi


KIYAMAH

Kenging :  Undang Sumargana


Ting burisat cahya kilat

Ngalentab ngahuru jagat

Ngageleger sora gugur

Langit genjlong bumi eundeur

Hujan rongkah,

caah bedah teu katadah

 

Bumi ngaplak  taya sisi

Lautan pindah kadarat

Pangeusina ting koceak

Jeritna mapakan langit

Tinggal raga taya nyawa

Ngagulung nyarah jeung runtah

 

Langit rungkad.

Ngalingkup murulukeun  bentang

Muragkeun bulan, ngabahekeun panon poe

Jagat ancur nggulung jadi lautan

Taya sesa sakabeh anu nyawaan

Sukmana geus ting belasat  ngabaliur kabuana

Tinggal raga patulayah nyangkere geus jadi bangke

 

Reup jagat simpe rehe

Nunggu hudang digebrag kumpul di alam masyar

Balitungan panungtungan, tinimbangan maha adil

Rek beurat  kamana timbangan urang?

Katuhu alamat surga sumber kana kabagjaan

Atawa Kenca

Alamat nandang tunggara ngarasa  siksa naraka

Wallahu Alam

Gumantung ka pepelakan dina lampah kahirupan.

 

Tasik Pakidulan, 07 Desember  2022

 

LihatTutupKomentar